Tinggalkan suatu pesan

Maskumambang

judul :Pupuh Maskumambang Mp3
eusi : Pupuh anu ngagambarkeun kanalangsaan atawa kasedihan hate bari genes ka diri


PUPUH MASKUMAMBANG

Laras                      : mandenda / nyorong
surupan : 4 = T
BEBAS WIRAHMA

Itu kusir bangun ambek-ambek teuing (12 - i)
Turun tina delman                               (6 - a)
Kuda dipecutan tarik                          (8 - i)
Teu aya pisan ras-rasan                      (8 - a)

Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nu neunggeul ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeuri moal salah deui
Sato ge kitu sarua

Tandak panambih : PUPUH MASKUMAMBANG
Gerakan : sedeng

Naha abong abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peting
Dirangket taya ras rasan

Abong kena abdi sato teu ngarasken kana cape
Sadidinten paeh poso
Mogok soteh awak lunges

Coba kusir mun di peupeuh
Pasti nyeuri karasana
Sato oge tangtu leumpeuh pada-pada boga rasa

ARTIKEL Kami


Related Posts :

  • Pucung judul :Pupuh Pucung Mp3 eusi : Ngagambarkeun rasa ambek kadiri sorangan atawa ambek teupanuju kana hate ngan teu bisa kedal dina letah … Read More...
  • Pupuh sanesna Dongeng Sirawing Wakepoh ARTIKEL Kami var numposts = 100; var standardstyling = true; … Read More...
  • Wirangrong judul :Pupuh Wirangrong Mp3  eusi : Ngagambarkeun nu jalma nu kawiwirangan atawa era ku polah sorangan sobat +mia Maryati m… Read More...
  • Pangkur judul :Pupuh Pangkur Mp3 eusi : Rasa ambek kapegung atawa nyanghareupan tugas anu beurat Rea nu keur daragang dina karung di panggul ba… Read More...
  • Sinom judul :Pupuh Sinom Mp3 eusi : Ngagambarkeun Kagumbiraan jeung kadeudeuh dina hate sahabat +mia Maryati marbun  Lirik na Sin… Read More...

0 Response to "Maskumambang"

Post a Comment

a