Mengobrol sekarang

Balakbak


Balakbak
sobat ::: eusi : ngagambarkeun heureuy atawa banyol , humor sabalakana
Watek: pikaseurieun.
1 pada := 3 padalisan.

Pupuh 2: Balakbak
Aya monyet ting guntayang dina tangkal
Nerekel
Jalu bikang jeung anakna sukan - sukan
Rarecet
Tingcalekroh (tingcalekroh) ngakanan manggu nu asak
Teu repeh

Kocap aya begog nu misah sorangan
Garetek
Kulit manggu pirang - pirang dihakanan
Diseget
Dipiceunan (dipiceunan) sabab pait karasana
Molelel

Katenjoeun ku indungna dicontoan
Dipesek
Nu dihakan eusina anu barodas
Amis teh
Geus kitu mah (geus kitu mah) anakna ngarasa bungah
Nyerengeh
atanapi
Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng(15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).

Panambih:

Aya warung sisi jalan
Rame pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan

————————-
Laras: Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung


ARTIKEL Kami


Related Posts :

  • Maskumambang judul :Pupuh Maskumambang Mp3 eusi : Pupuh anu ngagambarkeun kanalangsaan atawa kasedihan hate bari genes ka diri PUPUH MASKUMAMBANG… Read More...
  • Sinom judul :Pupuh Sinom Mp3 eusi : Ngagambarkeun Kagumbiraan jeung kadeudeuh dina hate sahabat +mia Maryati marbun  Lirik na Sin… Read More...
  • Pangkur judul :Pupuh Pangkur Mp3 eusi : Rasa ambek kapegung atawa nyanghareupan tugas anu beurat Rea nu keur daragang dina karung di panggul ba… Read More...
  • Pucung judul :Pupuh Pucung Mp3 eusi : Ngagambarkeun rasa ambek kadiri sorangan atawa ambek teupanuju kana hate ngan teu bisa kedal dina letah … Read More...
  • Mijil judul :Pupuh Mijil Mp3 eusi : Rasa sedih tapi aya pangharepan atawa ngagdekeun hate sorangan aduh Bapak Bet Kacida teuing Naha Ngabobo… Read More...

0 Response to "Balakbak"

Post a Comment

a