Mengobrol sekarang

Balakbak


Balakbak
sobat ::: eusi : ngagambarkeun heureuy atawa banyol , humor sabalakana
Watek: pikaseurieun.
1 pada := 3 padalisan.

Pupuh 2: Balakbak
Aya monyet ting guntayang dina tangkal
Nerekel
Jalu bikang jeung anakna sukan - sukan
Rarecet
Tingcalekroh (tingcalekroh) ngakanan manggu nu asak
Teu repeh

Kocap aya begog nu misah sorangan
Garetek
Kulit manggu pirang - pirang dihakanan
Diseget
Dipiceunan (dipiceunan) sabab pait karasana
Molelel

Katenjoeun ku indungna dicontoan
Dipesek
Nu dihakan eusina anu barodas
Amis teh
Geus kitu mah (geus kitu mah) anakna ngarasa bungah
Nyerengeh
atanapi
Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng(15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).

Panambih:

Aya warung sisi jalan
Rame pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan

————————-
Laras: Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung


ARTIKEL Kami


Related Posts :

  • Kinanti sahabat +mia Maryati marbun  eusi Kinanti : Ngagambarkeun jalma anu deudeupeun nganti nganti nu teu acan datang Kinanti … Read More...
  • Ladrang judul :Pupuh Ladrang Mp3 eusi : Rasa banyol anu bari nyindiran atawa aya eusi nu nyentug kana manah Ladrang Pupuh 17: Ladrang Aya hi… Read More...
  • Juru Demung Juru Demung eusi : rasa hate nu keur bingung teu manggih tungtung taya ragap pilampaheun Pupuh 7: Jurudemung Mungguh nu hirup di dunya … Read More...
  • Gurisa Gurisa Kaping: 18.07.2003 13:58 Watek: pangangguran, lulucon atawa tamba kesel. 1 Pada := 8 Padalisan. Pupuh 6: Gurisa Hayang teuing… Read More...
  • Lambang judul :Pupuh Lambang Mp3 eusi : Banyolan anu ngalambangkeun atawa ngagambarkeun siloka Lambang Watek: banyol atawa pikaseurieun. Unggal… Read More...

0 Response to "Balakbak"

Post a Comment

a